Jumat, 25 November 2022

Kecap Rundayan


 Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.

Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-di-ka-pa-pi-barang-silih-ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar--um--in-,
Rarangkén tukang:
-an-eun-keun-na,
Rarangkén barung:
ka--anpa--anpang--keunpi--eunpika--eunsa--eun,

Kotak ieu: tempo • sawala • édit

Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 [1]. Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.

Rupa-rupa Rarangkén

Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén:

  • Rarangkén gabungan
  • Rarangkén tengah
  • Rarangkén tukang
  • Rarangkén barung

Rarangkén hareup

Rarangkén hareup (en:afix}), nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.

Rarangkén tengah

Rarangkén tengah (en:infix), nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.

Rarangkén tukang[édit sumber]

Rarangkén tukang (en:suffix), nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.

Rarangkén barung

Rarangkén barung (en:confix), nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.


Conto

Contona, tina kecap serat bisa dirundaykeun jadi :


KecapKateranganKecapKateranganKecapKaterangan
1.serat30.diseratkeunana15 + -na59.disareratna
2.nyeratN- + 131.kaseratkeunana16 + -na60.kasarerat
3.diseratdi- + 132.silihseratansilih- + 561.kasareratna
4.kaseratka- + 133.silihseratanana62.nyareratan
5.seratan1 + -an34.silihseratkeun63.nyareratanana
6.nyeratanN- + 535.silihseratkeunana64.disareratan
7.diseratandi- + 536.panyeratan65.disareratna
8.kaseratanka- + 537.panyeratanana66.disareratkeun
9.paseratanpa- + 538.pangnyeratkeunpang- + 1467.disareratkeunana
10.serateun-eun + 139.dipangnyeratkeundi- + 3868.sarerat1 + -ar-
11.piserateunpi- + 1040.dipangnyeratkeunana69.sareratna
12.pinyerateunpi- + 2-eun41.pangnyeratankeun70.sarerateun
13.seratkeun1 + -keun42.dipangnyeratankeun71.sarerateunana
14.nyeratkeun2 + -keun43.dipangnyeratankeunana72.sarerataneun
15.diseratkeun3 + -keun44.serataneun73.sarerataneunana
16.kaseratkeun4 + -keun45.serataneunana74.sareratkeun
17.seratna1 + -na46.seratkeuneun75.sareratkeuneun
18.nyeratna2 + -na47.seratkeuneunana76.sareratkeuneunana
19.diseratna3 + -na48.mangnyeratkeunN- + 3877.pipaserataneunpi- + pa- + 44
20.kaseratna4 + -na49.mangnyeratkeunana78.pipaserataneunana
21.seratanana5 + -na50.mangnyeratankeun79.pikaserateun
22.nyeratanana6 + -na51.mangnyeratankeunana80.pikaserataneunana
23.diseratanana7 + -na52.sinerat1 + -in-81.pidiserateun
24.kaseratanana8 + -na53.sineratna82.pidiserateunana
25.paseratanana9 + -na54.barangseratbarang- + 183.pimangnyeratankeunpi- + 50
26.serateunana10 + -na55.barangseratan84.pimangnyeratankeunana
27.piserateunana11 + -na56.nyarerat2 + -ar-85.pimangnyeratkeun
28.pinyerateunana13 + -na57.nyareratna86.pimangnyeratkeunana
29.nyeratkeunana14 + -na58.disarerat

0 komentar:

Posting Komentar