Jumat, 25 November 2022

Basa Budak

Basa Budak

 Basa Budak atawa disebut ogé salaku Basa Lemes keur Budak nyaéta cabang tina basa Sunda anu dipaké ku kolot nalika nyarita jeung budakna atawa sabalikna.Harti kecap "budak" dina basa Indonésia nyaéta anak, anu disebut budak téh nyaléta anak jelema, rék lalaki rék awéwé, anu can balég atawa anu acan ngangkat begér. Budak basa lemesna murangkalih. Basa ieu dipaké ku budak anu keur diajar nyarita, balélol kénéh, cadél kénéh jeung can béntés ngucapkeun kecap-kecap anu paranjang dina basa Sunda.

Pamakéan

Basa budak dipaké pikeun gunem catur antara budak jeung kolotna, contona nalika budak hayang dahar, biasana maranéhna bakal ngagunakeun kecap "emam" pikeun ngaganti kecap "dahar" tibatan kecap "neda" sakumaha anu diatur dina basa Sunda Hormat Keur Sorangan. Pamakéan basa Budak biasana dicampurkeun jeung basa Sunda Hormat anu diucapkeun maké gaya bubudakeun, contona ku cara ngaleungitkeun hurup "r" atawa diganti ku hurup "l", ngaganti hurup "s" ku hurup "c", ngaleungitkeun sababaraha hurup di awal jeung tungtung kecap, ogé ku cara ngagunakeun kecap nénéh, nyaéta kecap manis atawa deudeuh.

Sawadina atawa sakuduna, jelema anu geus déwasa atawa anu geus henteu disebut budak deui ulah diajak nyarita maké basa budak atawa ulah sina nyarita maké basa Budak, tapi ayeuna sababaraha kekecapan dina basa Budak geus umum atawa geus prah dilarapkeun boh ka budak boh ka kolot di luar kontéks pamakéan basa Budak.

Ciri Basa jeung Kekecapan

Basa Budak mibanda jumlah engang anu saeutik (biasana ngan ukur dua engang) jeung teu ngandung hurup "r" sarta asalna tina kekecapan basa sunda Hormat anu disingget atawa dipondokkan. Kekecapan dina basa Budak biasana patali jeung hal-hal anu mindeng dipanggihan atawa dilakukeun ku barudak. Ieu di handap mangrupa daptar kosakecap anu kaasup kana basa Budak tur babandinganana jeung basa Loma jeung basa Hormat, diantarana:

Basa BudakBasa HormatBasa Loma
emamtuang atau nedadahar
eueut atau eueungaleueutnginum
nyonyongenénnyusu
papahnyacatleumpang
icinglinggih atau matuh, mindelcicing
uihmulih atau wangsulbalik atau mulang
bobo atau obokulem atau mondoksaré
ibak atau iamkebak, sirammandi
papang atau pipiskahampangankiih
é'éhkabeuratanmodol atau miceun
cicis atau acisartosduit
tatihngadegnangtung
awohnetepan atau sambéangsolat
sunciumcium
aduhteu damang atau udurgering
acukraksukan, kawaybaju
acing atau acinlancingan, sarung cagakcalana
ukeunnyuhunkeunménta
pupukkurupukkurupuk
patusapatusapatu
obinmobilmobil
gogoganjinganjing
eméng atau empusucingucing
pépéngrarangan, mamaskanjut
engingteu kéngingulah
hidepanjeunmanéh
abiabdi, sim kuringurang
si ituanjeunna, mantennamanéhna
mamahtuang ibu atau pun biangema, biang
embituang ibu atau pun bibibibi
emangtuang rama atau pun pamanmamang, amang
enintuang éyang atau pun nininini
adétuang rayi atau pun adiadi
entosparantosenggeus
encanteu acanacan
ugahgugahhudang
aimteu kersa atau alim, narahembung
'uhunsumuhun, muhunenya
enteuhenteu, teuhenteu, teu
saalitsakediksaeutik, saemét

Conto babandingan kalimah:


  • Basa Loma: Manéh ulah dahar sabar nangtung.
  • Basa Hormat: Anjeun teu tinggaleun tuang sabar nangtung.
  • Basa Budak: Hidep enging emam sabar tatih.


  • Basa Loma: Sanggeus dahar, urang langsung nginum.
  • Basa Hormat: Saparantos neda, abdi langsung ngaleueut.
  • Basa Budak: Saentos emam, abi langsung eueut.

Cutatan

  1.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  2.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  3.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  4.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  5.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  6.  Kecap hidep ngan bisa dipaké ku kolot ka budakna atawa ku jelema anu leuwih déwasa ka anu leuwih ngora, sedengkeun pikeun budak mah biasana bakal nyebut ngaran, sesebutan atawa landian pikeun nyebut kecap ganti jelema kadua tunggal.

0 komentar:

Posting Komentar