Aksara Sunda
Aksara Sunda nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda kuna nu kungsi dipaké sahenteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.
Sajarah
Dumasar kana catetan sajarah, aksara Sunda geus di paké ti abad ka-14. Buktina kudipakéna aksara Sunda dina Prasasti Kawali (prasasti Astana Gede) jeung Prasasti Kabantenan. Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana:
- aksara Pallawa anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
- aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
- aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
- aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
- aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéun sapopoé.[2]
Komputerisasi
Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[3].
Salian ti éta, dina taun 2008 geus medal Aksara Sunda Unicode meunang nyampurnakeun tina Unicode 2008 anu disusun ku Dian Tresna Nugraha jeung Kusnet (2005). Unicode téh proses digitalisasi anu bisa mantuan ka pamaké ngetik aksara Sunda dina komputer, sanajan can bisa maca naskah aksara Sunda sacara otomatis[4].
Susunan Aksara Sunda
Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, di antarana:
- Aksara Ngalagena
- Aksara Swara
- Rarangkén
- Angka
Aksara Swara
ᮃ = a | ᮆ = é | ᮄ = i | ᮇ = o |
ᮅ = u | ᮈ = e | ᮉ = eu |
Aksara Ngalagena
ᮊ = ka | ᮌ = ga | ᮍ = nga |
ᮎ = ca | ᮏ = ja | ᮑ = nya |
ᮒ = ta | ᮓ = da | ᮔ = na |
ᮕ = pa | ᮘ = ba | ᮙ = ma |
ᮚ = ya | ᮛ = ra | ᮜ = la |
ᮝ = wa | ᮞ = sa | ᮠ = ha |
ᮖ = fa | ᮋ = qa | ᮗ = va |
ᮟ = xa | ᮐ = za | ᮮ = kha |
ᮯ = sya |
Rarangkén
Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:
- Rarangkén Luhur = 5 rupa
- Rarangkén Handap = 3 rupa
- Rarangkén Sajajar = 5 rupa
A. Rarangkén Luhur
Panghulu, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [i]. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮤ = ki. | |
Pamepet, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ə]. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮨ = ke. | |
Paneuleung, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ɤ]. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮩ = keu. | |
Panglayar, nambahan konsonan [r] dina tungtung engang. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮁ = kar. | |
Panyecek, nambahan konsonan [ŋ] dina tungtung engang. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮀ = kang. |
B. Rarangkén Handap
Panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [u]. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮥ = ku. | |
Panyakra, nyalusupkeun sora [r] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮢ = kra. | |
Panyiku, nyalusupkeun sora [l] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮣ = kla. |
C. Rarangkén Sajajar
Panéléng, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [ɛ]. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮦ = ké. | |
Panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [ɔ]. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮧ = ko. | |
Pamingkal, nyalusupkeun sora [j] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮡ = kya. | |
Pangwisad, nambahan sora [h] kana sora asalna. Conto: ᮊ = ka → ᮊᮂ = kah. | |
Patén atawa Pamaéh, ngaleungitkeun sora [a] dina aksara Ngalagena. Conto: ᮊ = ka → ᮊ᮪ = k. |
Angka
᮱ = 1 | ᮲ = 2 | ᮳ = 3 |
᮴ = 4 | ᮵ = 5 | ᮶ = 6 |
᮷ = 7 | ᮸ = 8 | ᮹ = 9 |
᮰ = 0 |
Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.
Conto: |᮲᮰᮲᮲| = 2022
Conto Dipakéna Aksara Sunda
Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok lulumpatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jang lancah
0 komentar:
Posting Komentar