• This is slide 1 description. Go to Edit HTML of your blogger blog. Find these sentences. You can replace these sentences with your own words.
  • This is slide 2 description. Go to Edit HTML of your blogger blog. Find these sentences. You can replace these sentences with your own words.
  • This is slide 3 description. Go to Edit HTML of your blogger blog. Find these sentences. You can replace these sentences with your own words.
  • This is slide 4 description. Go to Edit HTML of your blogger blog. Find these sentences. You can replace these sentences with your own words.
  • This is slide 5 description. Go to Edit HTML of your blogger blog. Find these sentences. You can replace these sentences with your own words.

Jumat, 25 November 2022

Kecap Rundayan


 Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.

Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-di-ka-pa-pi-barang-silih-ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar--um--in-,
Rarangkén tukang:
-an-eun-keun-na,
Rarangkén barung:
ka--anpa--anpang--keunpi--eunpika--eunsa--eun,

Kotak ieu: tempo • sawala • édit

Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 [1]. Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.

Rupa-rupa Rarangkén

Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén:

  • Rarangkén gabungan
  • Rarangkén tengah
  • Rarangkén tukang
  • Rarangkén barung

Rarangkén hareup

Rarangkén hareup (en:afix}), nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.

Rarangkén tengah

Rarangkén tengah (en:infix), nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.

Rarangkén tukang[édit sumber]

Rarangkén tukang (en:suffix), nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.

Rarangkén barung

Rarangkén barung (en:confix), nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.


Conto

Contona, tina kecap serat bisa dirundaykeun jadi :


KecapKateranganKecapKateranganKecapKaterangan
1.serat30.diseratkeunana15 + -na59.disareratna
2.nyeratN- + 131.kaseratkeunana16 + -na60.kasarerat
3.diseratdi- + 132.silihseratansilih- + 561.kasareratna
4.kaseratka- + 133.silihseratanana62.nyareratan
5.seratan1 + -an34.silihseratkeun63.nyareratanana
6.nyeratanN- + 535.silihseratkeunana64.disareratan
7.diseratandi- + 536.panyeratan65.disareratna
8.kaseratanka- + 537.panyeratanana66.disareratkeun
9.paseratanpa- + 538.pangnyeratkeunpang- + 1467.disareratkeunana
10.serateun-eun + 139.dipangnyeratkeundi- + 3868.sarerat1 + -ar-
11.piserateunpi- + 1040.dipangnyeratkeunana69.sareratna
12.pinyerateunpi- + 2-eun41.pangnyeratankeun70.sarerateun
13.seratkeun1 + -keun42.dipangnyeratankeun71.sarerateunana
14.nyeratkeun2 + -keun43.dipangnyeratankeunana72.sarerataneun
15.diseratkeun3 + -keun44.serataneun73.sarerataneunana
16.kaseratkeun4 + -keun45.serataneunana74.sareratkeun
17.seratna1 + -na46.seratkeuneun75.sareratkeuneun
18.nyeratna2 + -na47.seratkeuneunana76.sareratkeuneunana
19.diseratna3 + -na48.mangnyeratkeunN- + 3877.pipaserataneunpi- + pa- + 44
20.kaseratna4 + -na49.mangnyeratkeunana78.pipaserataneunana
21.seratanana5 + -na50.mangnyeratankeun79.pikaserateun
22.nyeratanana6 + -na51.mangnyeratankeunana80.pikaserataneunana
23.diseratanana7 + -na52.sinerat1 + -in-81.pidiserateun
24.kaseratanana8 + -na53.sineratna82.pidiserateunana
25.paseratanana9 + -na54.barangseratbarang- + 183.pimangnyeratankeunpi- + 50
26.serateunana10 + -na55.barangseratan84.pimangnyeratankeunana
27.piserateunana11 + -na56.nyarerat2 + -ar-85.pimangnyeratkeun
28.pinyerateunana13 + -na57.nyareratna86.pimangnyeratkeunana
29.nyeratkeunana14 + -na58.disarerat

Basa Budak

Basa Budak

 Basa Budak atawa disebut ogé salaku Basa Lemes keur Budak nyaéta cabang tina basa Sunda anu dipaké ku kolot nalika nyarita jeung budakna atawa sabalikna.Harti kecap "budak" dina basa Indonésia nyaéta anak, anu disebut budak téh nyaléta anak jelema, rék lalaki rék awéwé, anu can balég atawa anu acan ngangkat begér. Budak basa lemesna murangkalih. Basa ieu dipaké ku budak anu keur diajar nyarita, balélol kénéh, cadél kénéh jeung can béntés ngucapkeun kecap-kecap anu paranjang dina basa Sunda.

Pamakéan

Basa budak dipaké pikeun gunem catur antara budak jeung kolotna, contona nalika budak hayang dahar, biasana maranéhna bakal ngagunakeun kecap "emam" pikeun ngaganti kecap "dahar" tibatan kecap "neda" sakumaha anu diatur dina basa Sunda Hormat Keur Sorangan. Pamakéan basa Budak biasana dicampurkeun jeung basa Sunda Hormat anu diucapkeun maké gaya bubudakeun, contona ku cara ngaleungitkeun hurup "r" atawa diganti ku hurup "l", ngaganti hurup "s" ku hurup "c", ngaleungitkeun sababaraha hurup di awal jeung tungtung kecap, ogé ku cara ngagunakeun kecap nénéh, nyaéta kecap manis atawa deudeuh.

Sawadina atawa sakuduna, jelema anu geus déwasa atawa anu geus henteu disebut budak deui ulah diajak nyarita maké basa budak atawa ulah sina nyarita maké basa Budak, tapi ayeuna sababaraha kekecapan dina basa Budak geus umum atawa geus prah dilarapkeun boh ka budak boh ka kolot di luar kontéks pamakéan basa Budak.

Ciri Basa jeung Kekecapan

Basa Budak mibanda jumlah engang anu saeutik (biasana ngan ukur dua engang) jeung teu ngandung hurup "r" sarta asalna tina kekecapan basa sunda Hormat anu disingget atawa dipondokkan. Kekecapan dina basa Budak biasana patali jeung hal-hal anu mindeng dipanggihan atawa dilakukeun ku barudak. Ieu di handap mangrupa daptar kosakecap anu kaasup kana basa Budak tur babandinganana jeung basa Loma jeung basa Hormat, diantarana:

Basa BudakBasa HormatBasa Loma
emamtuang atau nedadahar
eueut atau eueungaleueutnginum
nyonyongenénnyusu
papahnyacatleumpang
icinglinggih atau matuh, mindelcicing
uihmulih atau wangsulbalik atau mulang
bobo atau obokulem atau mondoksaré
ibak atau iamkebak, sirammandi
papang atau pipiskahampangankiih
é'éhkabeuratanmodol atau miceun
cicis atau acisartosduit
tatihngadegnangtung
awohnetepan atau sambéangsolat
sunciumcium
aduhteu damang atau udurgering
acukraksukan, kawaybaju
acing atau acinlancingan, sarung cagakcalana
ukeunnyuhunkeunménta
pupukkurupukkurupuk
patusapatusapatu
obinmobilmobil
gogoganjinganjing
eméng atau empusucingucing
pépéngrarangan, mamaskanjut
engingteu kéngingulah
hidepanjeunmanéh
abiabdi, sim kuringurang
si ituanjeunna, mantennamanéhna
mamahtuang ibu atau pun biangema, biang
embituang ibu atau pun bibibibi
emangtuang rama atau pun pamanmamang, amang
enintuang éyang atau pun nininini
adétuang rayi atau pun adiadi
entosparantosenggeus
encanteu acanacan
ugahgugahhudang
aimteu kersa atau alim, narahembung
'uhunsumuhun, muhunenya
enteuhenteu, teuhenteu, teu
saalitsakediksaeutik, saemét

Conto babandingan kalimah:


  • Basa Loma: Manéh ulah dahar sabar nangtung.
  • Basa Hormat: Anjeun teu tinggaleun tuang sabar nangtung.
  • Basa Budak: Hidep enging emam sabar tatih.


  • Basa Loma: Sanggeus dahar, urang langsung nginum.
  • Basa Hormat: Saparantos neda, abdi langsung ngaleueut.
  • Basa Budak: Saentos emam, abi langsung eueut.

Cutatan

  1.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  2.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  3.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  4.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  5.  Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  6.  Kecap hidep ngan bisa dipaké ku kolot ka budakna atawa ku jelema anu leuwih déwasa ka anu leuwih ngora, sedengkeun pikeun budak mah biasana bakal nyebut ngaran, sesebutan atawa landian pikeun nyebut kecap ganti jelema kadua tunggal.

Kecap

 Kecap

Kecap nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, kecap téh bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.

Wangun Kecap

Papasingan kecap-kecap dina basa Sunda dumasar kana wangun jeung warnana.

Wangun Kecap

WangunWangenan
asalkecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
rundayankecap asal anu geus dirarangkénan
rajékankecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
kantétankantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

Warna Kecap

Warna/Rupa Kecap kabagi dua.

Warna KecapWangenan
Kecap Lulugubarangkecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
sulurkecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
pananyakecap anu dipaké pikeun nanya
pagawéankecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.
sipatkecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.
bilangankecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.
Kecap Pancénpangantebkecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en)emphasis).
panganteurkecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés.
panambah aspékkecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
panambah modalitaskecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén.
pangantétkecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana.
panyambungkecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.
panyelukkecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.

Kecap sulur

Kecap sulur aya sababaraha rupa nu dijéntrékeun kieu

  • kecap gaganti jalma
  • kecap gaganti milik
  • kecap panuduh

Kecap gaganti jalma

'Kecap gaganti...kecap..dipaké dina kaayaan...conto kalimah
jalma kahijitunggalsim kuringlemes, resmiSim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka réngsé.
abdilemes, teu resmiAbdi wangsul ti Buah Batu, Bandung.
kuring / déwék / uranglomaKuring mah asa kakara manggih euy, domba sukuna lima mah.
kami / kaulaloma, ngaluhurkeun ajén soranganKaula rék nitah ka Patih Lirbaya.
aingkasarTeu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu.
lobasim kuring sadayanalemes, resmiSim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut.
abdi sadayanalemes, teu resmiAbdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balaréa waé.
kuring saréréalomaKuring saréréa ngajakan ka urang Cikadu abenan balap motor.
jalma kaduatunggalbapa / ibu
(jsb. nu dianggap mancakaki)
lemes, ka anu dipikahormatBapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat.
anjeunlemes, ka sapantaranAnjeun téh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita.
manéh / silainglomaManéh mah dibéjaan téh tara ngagugu.
siakasarSia ku aing rék diteunggeul.
lobaaranjeunlemesAranjeun kudu apal yén organisasi mah kudu digawé babarengan.
maranéhlomaMaranéh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan téh.
hidep saréréalemes, ka sahandapeunHidep saréréa adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna téh.
jalma katilutunggalmantennalemes, ka nu dipikahormatMantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman.
anjeunnalemesAnjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana.
manéhnainyanalomaManéhna mah teu apaleun yén harga baju téh dimahalkeun.
lobaaranjeunnalemesAranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah.
maranéhnalomaMaranéhna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak.


Kecap gaganti milik

Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa.

Kecap panuduh

Kecap panuduh wacana Kecap panuduh wacana éta jeung ieu mah diteundeunna saméméh kecap anu dijéntrékeunana

ieuieu baju
étaéta batu
ituitu gedong
kitusabada kitu
kieukurang kieu

Kecap panuduh luareun wacana

kecap...dipaké pikeun...conto kalimah
dieunuduhkeun nu deukeutRorompok mah caket kantun ka palih dieu waé.
dinyanuduhkeun nu rada deukeutTi warung ka kantor téh saatos dua bélokan palih dinya pisan.
ditunuduhkeun nu jauhToko Arca mah di ditu, ti rorompok mah aya kana sajam mah.

Kecap pananya

Kecap...dipaké pikeun nanyakeun ...conto kalimah
naonbarang, hal, sasatoan, tutuwuhanNaon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut téh?
sahajelema, malaékat, PangéranSaha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani téh?
ka manatempat, halka mana Suéb téh inditna?
irahawaktuIraha anjeun badé ka dieu?
nahasabab-musabab, kalakuanNaha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh?
kumahacara, kaayaanKumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi?
sabarahajumlah, bilanganSabaraha harga bawang beureum sakilo téh?


Kecap pagawéan

Ciri-ciri kecap pagawéan.

  • umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
  • teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
  • teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...
  • bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas

Kecap sipat

Ciri-ciri kecap sipat

  • bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
  • bisa dituturkeun ku kecap kacidapisan, jeung naker
  • bisa dirarangkénan ku pang-...-na
  • bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na

Kecap panganteur

Tabel kecap panganteur pagawéan
bus asupnyah beuntanging/hing ceurik
segruk ceurikam daharjol datang
rap dibajudeker digawégék diuk
reg eureungeleber hibersedut/dut hitut
kuniang hudangbelenyéh/nyéh imutgedig indit
léos inditkécéwér/wér/cer kiihblug labuh
beretek/berebet lumpatjleng luncatgeleser maju
belewer malédogbrus manditérékél naék
gampleng nampilingblak nangkarakjung nangtung
sebrut narajanghabek neunggeullek neureuy
lar ngaliwatbluk ngangkubanbiur ngapung
golédag ngedenggewewek ngégélréngkénék ngigel
leguk/regot nginumburusut ngisingpok ngomong
celengkeung ngomongtrét nulisgaplok nyabok
gap nyagapsirintil nyampeurkeungantawang nyarékan
kerewek nyekelcong nyembahcrot nyiduh
celengok nyiumkop nyokotbluk nyuuh
reup peureumdug sarébarakatak seuri
ceuleukeuteuk seuricakakak seuricikikik seuri
lep teuleupeureuleu teurabclak tumpak
luk tungkuljrut turunnyot ngenyot
pelenyun ududcat unggahorolo utah


Tabel kecap panganteur kaayaan
beledug bitubeleték peupeusbeletok potong
béréwék soékbray beurangbray muka
bray caangbreg hujancep tiis
gejebur kana caijedak diadujeduk tidagor
jegug sora anjingjegur sora marieumjentréng kacapi
jep jempéjeprut pegatkecebuk sora cai
kecemplung kana sumurkepluk muragkérésék sora daun
ketruk sora sapatules leungitparalak hujan
pédénghél keuheulpeledek bau hitutpes pareum
pleng amblengplong ngemplongprung pegat
prung ngamimitianpudigdig ambekrekét sora panto
rob ngarogrogrup dirungkupanseguk sora kolécér
semprung pegatsruk-srék sora ragajitrong kohkol